Sertifikat Guru Penggerak, Kiwari Bakal Loba nu Ngudag!
- Dapatkan link
- Aplikasi Lainnya
Haturan pangwilujeng pikeun guru nu geus nyangking sertifikat guru penggerak, atawa keur dina proses “Pendidikan Guru Penggerak.” Sabab masih haneut keneh di tegeskeun dina Peraturan Mentri Pendidikan Kebudayaan Riset dan Teknologi (Permendikbudristek) Nomer 40 taun 2021, titimangsana, 17 Desember 202,1 tentang Penugasan Guru sebagai Kepala Sekolah. Dina eta palaturan ditegeskeun, guru nu boga karep ningkatkeun karir tina guru jadi Kepala Sekolah (Kepsek), kudu nyangking sertifikat guru penggerak.
Padahal mun nitenan alam
pamikiran para guru penggerak, komo nu angkatan mimiti mah, (guru nu mariluan
guru penggerak), jigana teu hir teu walahir, teu kapikir ti asalna, mikir-mikir
hayang diangkat jadi Kepala sekolah
satutasna miluan eta program. Taya kacindekan ti awalna, prospek guru nu
miluan program guru penggerak gujragna kana hiji jabatan “Kepala Sekolah (Kepsek).” Euweuh rengkolna dina bewarana di “website” https://sekolah.penggerak.kemdikbud.go.id/
Apan pikeun guru nu ngariluan eta
program ukur dibejeran dina tutulisan wungkul, yen nu marilun guru penggerak teh
tujuan pikeun guru nu boga karep ningkatkeun daya kapamingpin dina ngajar ka
siswa, karep silih sumangetan jeung papada guru dina ningkatkeun kamampuh
kaguruan, guru nu boga irongan pikeun ningkatkeun
kamaslahatan atikan. Saged tandang di
posisi tukang, hareup, atawa di posisi tengah, ngalatih diri ngadorong lahirna
kawijakan ti handap ka luhur. Taya
sakecap oge netelakeun “Guru Penggerak bakal diangkat Kepala Sekolah.”
Guru-guru nu garabung teh
loba nu golongan guru “liwar.” Nu dina gerak jeung jiwana teu pati resepeun
kana gaya biasa-biasa. Boh dina ngajar, boh cara mikirna. Sakapeung sok
dianggap marawa karep sorangan. Mancidal, beda ti batur. Matak pikeseleun
batur.
Coba geura urang tengetan
kacindekan tina eta palaturan teh kieu:
Pasaratan calon kepsek
nya eta:
1.
lulusan S1 (sarjana), (teu dijelaskeun S1na teh kependidikan atawa laina dina eta
palaturan);
2.
nyangking sertifikat pendidik,
3.
boga sertifikat guru penggerak,
4.
pangkat minimal golongan III/b,
5.
guru ahli pertama pikeun P3K,
6.
pangalaman manajerial di
sakola/organisasi pendidikan atawa komunitas.
Mudah-mudahan ku lungsurna ieu palaturan, teu ngajadikeun eta jabatan
strategis di sakola tetep jadi jabatan “horor” nu dipikasieun ku sabagian guru-guru.
Tapi jadi trend munculna pamingpin-pamingpin di dunya atikan nu boga pamikiran
yen “proyek hiji-hijina para pamingpin
di dunya atikan, taya lian pikeun ningkatkeun budaya silih asih ku pangarti,
silih asah ku pangabisa, silih asuh ku pangawetuh.”
Sabadana lumungsurna eta palaturan, sertifikat guru penggerak bakal pada ngudag, komo mun geus aya contona
di hiji daerah, guru penggerak langsung diangkat jadi Kepala Sekolah.
(ti kuring: reueus ka
maranehna).
Tiasa di donot di handap pikeun nu peryogi
Permendikbudristekna! Der ah Baraya!
https://drive.google.com/file/d/100frfEgq7SSI4vMzoy9XLNpOXTsHjkzW/view?usp=sharing
- Dapatkan link
- Aplikasi Lainnya
Komentar
Posting Komentar